Teks Khutbah Jumat Basa Sunda: Ngajaga Kamurnian Akidah Islam

Hari Jumat, hari yang istimewa bagi kita kaum Muslim. Banyak keutamaan di dalamnya, baik malam Jumat maupun hari Jumatnya itu sendiri. Juga ada kewajiban bagi kaum lelaki muslim, yakni melaksanakan shalat Jumat. Dalam prosesi shalat Jumat kita sudah mafhum ada bagian yang harus kita ikuti yaitu khutbah Jumat. Bagi para khatib, mempersiapkan khutbah terbaiknya adalah suatu keharusan agar pesan Islam yang terkandung dalam khutbah tersebut bisa sampai ke jamaah.

Pada kesempatan ini, diambil dari seruanmasjid.com, saya sajikan materi khutbah untuk Jumat ini dalam Bahasa Sunda, dengan tema: "Ngajaga Kamurnian Akidah Islam". Semoga bisa menjadi salah satu referensi para khatib di dalam mempersiapkan teks khutbahnya.

NGAJAGA KAMURNIAN AKIDAH ISLAM


KHUTBAH KAHIJI



إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا

مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,

أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.

وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.

اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،



أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.

قَالَ اللهُ تَعَالَى :

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

وَأَنْزَلْنَا إِلَيْكَ الْكِتَابَ بِالْحَقِّ مُصَدِّقًا لِمَا بَيْنَ يَدَيْهِ مِنَ الْكِتَابِ وَمُهَيْمِنًا عَلَيْهِ فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَا أَنْزَلَ اللَّهُ وَلَا تَتَّبِعْ أَهْوَاءَهُمْ عَمَّا جَاءَكَ مِنَ الْحَقِّ



(QS al-Maidah [5]: 48)


Alhamdulillah, puji syukur ka hadirat Allahu Robbi, ku sagala ni’mat-Na dina dinten ieu, urang sadaya masih kénéh ditepangkeun ku Alloh di tempat anu mulya ieu, sasarengan sareng jalmi-jalmi anu InsyaAlloh dimulyakeun ku Mantena pikeun ngalaksanakeun kawajiban urang salaku muslim nyaéta shalat Jum’ah barjama’ah. 

Sholawat miwah salam mugia salamina dicurahlimpahkeun ka junjungan alam Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’ut tabi’in sareng sadaya ummatna anu salamina nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sarta merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.

Pikeun muka khutbah ieu, hayu urang sadaya terus satékah polah ngajaga sarta ningkatkeun kata’atan urang ka Alloh SWT ku cara ngalaksanakeun paréntah-Na sarta ngajauhan cegahan Mantena sakumaha anu dicontokeun ku Rosululloh SAW.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Sababaraha waktu ka tukang, Persekutuan Gereja Indonesia (PGI) ngirim surat ka Menteri Agama. Maranéhna ménta supaya Kemenag ngarévisi materi buku palajaran Agama Islam anu diterbitkeun ku Kemendikbud. Alesanana, dina éta buku aya perkara anu nyabit-nyabit Torét jeung Injil, anu mungkin béda jeung pamahaman maranéhna.

Ieu jelas geus ngaleuwihan wates toléransi. Jalma kafir hayang pipilueun ngurusan kayakinan urang. Naha kitu, lain buku palajaran Agama Islam ieu téh pikeun budak-budak urang anu Muslim?

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Sing saha baé anu ngaku Muslim, wajib nyekel pageuh kana ajaran Islam. Haram hukumna ngarobah atawa ngaragukeun kayakinanana sing sanajan ngan saeutik. Ngaragukeun, ngarobah, atawa ngayakinkeun hiji perkara anu patukang tonggong jeung prinsip ajaran Islam bisa ngabatalkeun kaimanan. Ogé teu aya kompromi jeung akidah umat anu séjén.

Dina prinsip tawhidulLoh, saurang Muslim wajib ngimankeun yén Alloh SWT téh nyaéta hiji. Islam nolak paham anu nyebutkeun yén Alloh SWT téh ngabogaan anu ngareujeungan. Alloh SWT ngadawuh:


لَقَدْ كَفَرَ الَّذِينَ قَالُوا إِنَّ اللَّهَ ثَالِثُ ثَلَاثَةٍ

Saéstuna geus kafir jalma-jalma anu nyebutkeun yén Alloh téh nyaéta salasahiji tina anu tilu”. (TQS al-Maidah [5]: 73).

Dawuhan Alloh SWT anu sanésna:

لَقَدْ كَفَرَ الَّذِينَ قَالُوا إِنَّ اللَّهَ هُوَ الْمَسِيحُ ابْنُ مَرْيَمَ


Saéstuna geus kafir jalma-jalma anu nyebutkeun yén Alloh téh nyaéta Al-Masih anak Maryam”. (TQS al-Maidah [5]: 17).

Mangka saha baé anu nolak prinsip tawhidulLoh, ngamusyrikeun Alloh jeung ngaku pangéran téh ngalahirkeun sarta dilahirkeun, akidahna batil. Anu ngagem kayakinan kitu disebut kafir. Dina kamus Al-Mu’jam al-Wasith disebutkeun:

اَلْكَافِرُ مَنْ لاَ يُؤْمِنُ بِالْوَحْدَانِيَّةِ أَوْ النُّبُوَّةِ أَوْ الرِّسَلَةِ أَوْ بِثَلاَثَتِهَا

“Kafir téh nyaéta saha baé anu teu ngimankeun kana ka Ésaan Alloh, atawa kanabian Muhammad SAW, atawa risalah Islam, atawa éta tilu perkara”. (Al-Mu'jam al-Wasith, II/891).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Pikeun urang sadaya salaku kaom Muslim, Al-Qur’an pasti benerna. Ieu téh cekelan jeung kayakinan urang. Lain anu séjén, singsanajan Al-Qur’an ogé ngabéwarakeun aya kitab-kitab samawi saméméhna. Urang sadayana wajib ngimankeun yén kitab éta téh diturunkeun ka para Rosul dina jamana.

Alloh SWT ngadawuh:

وَأَنْزَلْنَا إِلَيْكَ الْكِتَابَ بِالْحَقِّ مُصَدِّقًا لِمَا بَيْنَ يَدَيْهِ مِنَ الْكِتَابِ وَمُهَيْمِنًا عَلَيْهِ فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَا أَنْزَلَ اللَّهُ وَلَا تَتَّبِعْ أَهْوَاءَهُمْ عَمَّا جَاءَكَ مِنَ الْحَقِّ

Jeung Kaula geus nurunkeun Kitab (Al-Qur'an) ka anjeun (Muhammad) kalawan mawa bebeneran, anu ngabenerkeun kitab-kitab anu diturunkeun saméméhna sarta anu ngajagana, mangka putuskeun perkara maranéhna nurutkeun naon anu diturunkeun ku Alloh jeung ulah anjeun nuturkeun kahayang maranéhna ku ninggalkeun bebeneran anu geus datang ka anjeun”. (TQS al-Maidah [5]: 48).

Imam Ibnu Katsir dina tafsirna, ku ngumpulkeun sajumlah panjelasan ngeunaan kalimah “muhaymin[an]” dina ayat diluhur, nyebatkeun yén kalimah kasebut hartina; anu ngajaga, saksi jeung hakim (anu méré kaputusan) kana kitab-kitab saméméh Al-Qur’an.

Ibnu Juraij ogé nandeskeun, “Naon baé eusi tina kitab anu tiheula anu saluyu jeung Al-Qur’an éta téh bener. Jeung naon baé eusi tins kitab tiheula anu teu saluyu jeung Al-Qur’an nyaéta batil.”

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Rosululloh SAW kantos ngingetan ka Umar bin Khoththob nalika mawa lambaran Torét. Mantenna nyarios:


أَفِي شَكٍّ أَنْتَ يَا بْنَ الخَطَّابِ؟ أَلَمْ آتِ بِهَا بَيْضَاءُ نَقِيَّةٌ؟ لَوْ كَانَ أَخِي مُوْسَى حَيًّا مَا وَسَعَهُ إِلاَّ اتِّبَاعِي

“Naha dina jero haté anjeun aya karaguan, wahéi Ibnu al-Khoththob? Naha dina Torét aya kénéh ajaran anu masih bodas tur bersih?! (Kanyahokeun), lamun dulur Kaula Musa masih hirup, manéhna tetep kudu nuturkeun (ajaran)-Kaula.” (HR Ahmad jeung ad-Darimi).

Dawuhan Nabi SAW ieu nuduhkeun yén kaom Muslim teu meunang pikeun nuturkeun ajaran anu aya dina kitab-kitab saian Al-Qur’an. Hadits ieu ogé nuduhkeun yén kitab-kitab samawi kasebut teu bisa dipaké deui ti mimiti Al-Qur’an diwahyukeun ka Nabi SAW.

Terus kunaon urang dicegah nuturkeun kitab-kitab salian Al-Qur’an? Sabab, kitab-kitab éta geus dirobah ku para rahib-rahib maranéhna. Ditambahan jeung dikurangan. Mangka leungit kaaslianana. Leungit ogé kasucianana.

Alloh SWT ngadawuh:

فَوَيْلٌ لِلَّذِينَ يَكْتُبُونَ الْكِتَابَ بِأَيْدِيهِمْ ثُمَّ يَقُولُونَ هَذَا مِنْ عِنْدِ اللَّهِ لِيَشْتَرُوا بِهِ ثَمَنًا قَلِيلًا فَوَيْلٌ لَهُمْ مِمَّا كَتَبَتْ أَيْدِيهِمْ وَوَيْلٌ لَهُمْ مِمَّا يَكْسِبُونَ

Kacilakaan anu pohara gedéna pikeun jalma-jalma anu nulis al-Kitab ku leungeun maranéhna sorangan. Tuluy maranéhna ngomong, “Ieu ti Alloh,” kalawan maksud pikeun meunangkeun kauntungan anu saeutik ku kalakuan kitu. Kacilakaan anu pohara gedéna pikeun maranéhna akibat tina perkara anu ku maranéhna di tulis ku leungeun maranéhna sorangan. Kacilakaan anu pohara gedéna pikeun maranéhna akibat tina naon anu ku maranéhna dipigawé”. (TQS al-Baqoroh [2]: 79).

Ayat ieu, nurutkeun Ibnu Katsir ditujukeun ka kaom Yahudi. Samentara ngeunaan Injil, golongan téolog Kristen sorangan ngaragukeun kamurnian Injil yén éta téh bener ucapan Yésus. Dina taun 1993 diterbitkeun buku The Five Gospels, anu eusina hasil panalitian 76 doktor téologi anu kabeungkeut dina tim anu ngarana The Jesus Seminar. Maranéhna nyimpulkeun yén 82 persén Injil henteu nyumber ti Yésus.

Kumargi kitu, hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh, urang kudu ati-ati ti pihak-pihak anu nyoba ngutak-ngatik kayakinan urang sadaya. Maranéhna nyoba satékah polah nancebkeun paham pluralisme agama. Sakabéh agama bener. Urang kudu yakin sayakin-yakinna yén ngan ukur Islam anu bener sarta diridhoan ku Alloh SWT. Ieu pisan konci urang pikeun ngabuka panto surga Mantena.

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم


Khutbah II



اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.

عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Demikian teks naskah khutbah Basa Sunda untuk kali ini, semoga bermanfaat.
Deni Kurnia
Deni Kurnia Seorang Pembelajar, tak Lebih