Teks Khutbah Jumat Basa Sunda: Ngahirupkeun Deui Spirit Isra' Mi'raj


Alhamdulillah, kita dipertemukan kembali dengan hari yang istimewa, yaitu hari Jumat, sayyidul ayyam. Di hari ini ada sebuah kewajiban bagi kaum muslim yaitu melaksanakan shalat Jumat. 

Dan kali ini abufadli.com meng-share teks naskah Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda. Semoga Ini menjadi salah satu referensi bagi khotib dalam menyampaikan materi Khutbahnya. Materi kali ini adalah "Ngahirupkeun Deui Spirit Isro Mi'raj". Selamat membaca. 


KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا

مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,

أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.

وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.

اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.

قَالَ اللهُ تَعَالَى :

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

اِنَّ هٰذَا الْقُرْاٰنَ يَهْدِيْ لِلَّتِيْ هِيَ اَقْوَمُ وَيُبَشِّرُ الْمُؤْمِنِيْنَ الَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ الصّٰلِحٰتِ اَنَّ لَهُمْ اَجْرًا كَبِيْرًا
(QS al-Isro' [17]: 9)

Alhamdulillah, kalawan izin Alloh, dina poéan anu mulya ieu urang sadayana ditepangkeun deui ku Alloh sareng jalmi-jalmi anu InsyaAlloh dimulyakeun ku Mantena, ogé di tempat anu mulya ieu. Sholawat sinareng salam mugia salamina dicurahlimpahkeun ka junjungan urang Nabi SAW. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya ummatna anu salamina nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sanéskanten ajaran Islam.

Hayu urang sami-sami raksa sarta tingkatkeun katakwaan urang ka Alloh ku cara nyumponan sadaya paréntah-Na jeung ngajauhan sanés kanten cegahana-Na. Saéstuna, singsaha baé anu takwa, maranéhna anu darajatna luhur di payuneun Alloh SWT.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Satiap tanggal 27 Rajab, urang diingetkeun deui ku kajadian anu ahéng, nyaéta Isro’ Mi’rajna Nabi Muhammad SAW. Pikeun kaom Muslim waktu harita, Isro’ Mi’raj ngajadi salah sahiji bukti kaimanan. Runtuyan kajadian Iso’ Mi’raj mémang diluar anu bisa kahontal ku akal manusa. Waktu harita loba anu teu percaya kana perkara anu dialaman ku Nabi SAW, sahingga maranéhna tungtungna murtad.

Kaayaan ieu ogé dimangpaatkeun ku kaom musyrik Quréisy pikeun ngahasud kaom Muslim anu masih kénéh tetep ajeg dina kaimananana. Abu Bakar ra ogé masu’alkeun sikep ingkar maranéhna ku nyebutkeun: “Demi Alloh, lamun hal éta anu dibéwarakeun ku Muhammad, saéstuna Anjeunna ucapana bener. Naon anu anéh keur aranjeun? Demi Alloh, saéstuna Anjeunna nyarita ka kuring yén geus datang ka Anjeunna wahyu ti langit ka bumi ngan dina waktu sakejapan dina waktu peuting, atawa sakejapan dina waktu beurang, jeung kuring percaya ka Anjeunna. Naha ieu puncekna kahéranan aranjeun?”

Saenggeus kitu Abu Bakar ra ngadatangan Rosululloh SAW sarta ménta Mantena ngajelaskeun ciri-ciri Baitul Maqdis. Saba’da Nabi SAW ngajelaskeun kalawan lengkep, Abu Bakar nyarios, “Anjeun nyarios bener. Kuring nyaksi, Anjeun téh utusan Alloh!” Rosululloh SAW ngawaler, “Anjeun, Abu Bakar, nyaéta ash-shiddîq (anu salawasna ngabenerkeun)!”

Sikep Abu Bakar ash-Shiddiq ra nuduhkeun pribadi Mu’min anu teguh imanna di tengah kuatna aliran opini anu hayang ngaruksak kayakinan umat Islam ka Rosululloh SAW jeung ajaran Islam waktu harita.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Ngan sataun saba’da Isra’ Mi’raj, peradaban Islam nanjeur di Madinah al-Munawwaroh. Kajadian Isra’ Mi’raj ieu nyeléksi saha anu bener-bener iman ka Alloh jeung Rosul-Na sarta saha baé anu ngan pura-pura iman. Jeung hal ieu téh ngajadi bekel pikeun Rosululloh SAW dina ngadegkeun Islam. 

Jalma-jalma anu kapilih ieu anu satuluyna hijrah ka Madinah, nanjeurkeun Daulah Islam Madinah dumasar kana paréntah Alloh SWT.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Dina kajadian Isra’ Mi’raj, Nabi nyimpang ka dua Masjid nyaéta Masjid al-Haram di Mekkah jeung Masjid al-Aqsha di Paléstina, saméméh naék ka langit nepangan Alloh SWT. Dua masjid éta mangrupa masjid suci kaom Muslimin. Ayeuna Masjid al-Aqsha dikawasa ku Zionis Israél.

Ngeunaan Baitul Maqdis, tempat Masjid al-Aqsha diadegkeun, Ibnu Abbas ra nyebatkeun yén Rosululloh SAW kantos ngadawuh, “Para nabi nganjrek di Syam. Teu aya sejeungkal ogé kota di Baitul Maqdis iwal ti saurang nabi atawa malaikat pernah ngado’a atawa ngadeg didinya.” (HR at-Tirmidzi).

Baitul Maqdis nyaéta taneuhna kaom Muslimin. Wilayah éta baheula dibébaskeun ku pasukan tentara panghadéna kaom Muslimin dina mangsa Kholifah Umar bin Khothtob. Teu héran kholifah panungtung Turki Ustmani, Sultan Abdul Hamid II nalika didatangan dedengkot Yahudi anu rék ménta tanah Palestina, anjeuna nyarita: “Saéstuna kuring moal rék mikeun bumi Paléstina singsanajan ngan ukur sejeungkal. Taneuh Paléstina lain milik kuring, tapi milik kaom Muslimin. Rakyat kaula geus ngalakukeun jihad pikeun nyalametkeun bumi ieu sarta ngocorkeun getih demi tanah ieu. Sakuduna kaom Yahudi—anu ambisi meuli Tanah Paléstina, red.—teundeun baé jutaan duit maranéhna. Lamun dina hiji poé engké Khilafah hancur, waktu harita pisan maranéhna bakal sanggup ngarampas Paléstina kalawan teu kudu ngaluarkeun duit sapérak oge. Tapi, salila kuring masih hirup, ngeureutna péso dina awak kuring karasa leuwih hampang pikeun kuring tinimbang kuring kudu nyaksian Paléstina papisah ti Khilafah. Ieu nyaéta perkara anu teu meunang kajadian.”

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumullih,

Teu bisa ménta, Yahudi ku cara anu licik ngarongrong sarta satuluyna ngahancurkeun Nagara anu méré panyalindungan jeung mertahankeun Paléstina nyaéta Khilafah Utsmaniyah, pas dina tanggal 28 Rajab 1342 H, 100 taun anu katukang. Ngaliwatan leungeun kotor Mustafa Kémal Attatturk, ti waktu harita kaom Muslimin ibarat hayam kaleungitan indung, paburencay, jeung teu boga kakuatan, sarta gampang pisan diadu domba ku musuh-musuhna. Umat Islam di sakuliah dunya dipukpruk ku mangrupa-rupa bancang pakéwuh. Teu kalangkung di Bumi Paléstina, nagri anu ku Alloh SWT dibarokahan.

Ku hal saperti kitu, kajadian Isra’ Mi’raj sakuduna ngajadikeun tambahan sumanget anu bisa ngajadikeun titincakan dakwah jeung perjoangan umat wanci kiwari.

Jeung, 100 taun katukang, institusi Daulah Islamiyah warisan Nabi SAW téh geus leungit, saenggeus nanjeur ampir 14 abad lilana. Saba’da Rosululloh SAW ngantunkeun, eksisténsi Daulah Islamiyah satuluyna diteruskeun ku lumangsungna Khilafah ‘ala minhaj an-nubuwwah anu kahiji, anu dipingpin Khulafaur Rosyidin. Saba’da Khulafaur Rosyidin saterusna kalawan nyambung dituluykeun ku Khilafah Umayah, Khilafah ‘Abasiyah, jeung Khilafah Utsmaniyah.

Akhirna, ngaliwatan ku mikirkeun kajadian Isra’ Mi’raj 1442 H ieu, geus waktuna umat Islam manggihan urgénsitasna (perkara anu ngadesek) anu pang pentingna, nyaéta beuki kuatna kaimanan ka Alloh SWT sarta beuki ningkatna spirit (sumanget) perjoangan pikeun nerapkeun syaré’at Islam kalawan kaffah ku jalan tanjeurna deui Khilafah ‘ala minhaj an-nubuwwah anu kadua, dibarengan ku izin jeung pitulung Alloh SWT. Ngan ku Khilafah pisan nagri-nagri kaom Muslim bakal balik deui ngahiji sarta leupas tina sagala rupa katunggaraan akibat panjajahan.

Ingetkeun dawuhan Alloh SWT:

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُوْنُوْٓا اَنْصَارَ اللّٰهِ كَمَا قَالَ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ لِلْحَوَارِيّنَ مَنْ اَنْصَارِيْٓ اِلَى اللّٰهِ قَالَ الْحَوَارِيُّوْنَ نَحْنُ اَنْصَارُ اللّٰهِ فَاٰمَنَتْ طَّاىِٕفَةٌ مِّنْ بَنِيْٓ اِسْرَاءِيْلَ وَكَفَرَتْ طَّاىِٕفَةٌ فَاَيَّدْنَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا عَلٰى عَدُوِّهِمْ فَاَصْبَحُوْا ظَاهِرِيْنَ

Hartosna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman, kudu jadi aranjeun anu nulungan (agama) Alloh sakumaha Isa ibnu Maryam parantos sasauran ka pangikut-pangikutna anu satia: “Naha saha anu bakal jadi anu nulungan (pikeun nanjeurkeun agama) Alloh?” Pangikut-pangikut anu satia éta ngawaler: “Abdi sadaya anu nulungan agama Alloh”, tuluy sagolongan ti Bani Israél ariman sarta sagolongan anu séjéna kafir; mangka Kaula méré kakuatan ka jalma-jalma anu ariman ngéléhkeun musuh-musuh maranéhna, tuluy maranéhna jadi jalma-jalma anu meunang.”
[]

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِن الآيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم


Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.

عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Sumber: seruanmasjid.com 
Deni Kurnia
Deni Kurnia Seorang Pembelajar, tak Lebih