Khutbah Jumat: Ngungkulan Wabah Penyakit, Ngabutuhkeun Pamingpin Anu Takwa

PANDEMI wabah Covid-19 masih menghantui penduduk dunia, termasuk di negara kita. Kondisi ini membutuhkan manajemen yang cemerlang dari pemimpin negara, mengingat wabah ini tidak bisa ditanggulangi sendiri oleh rakyat. Keberpihakan negara untuk menjaga keselamatan dan kesehatan rakyatnya sangat diperlukan, dan pemimpin negara tak bisa berpangku tangan.

Khutbah Jumat kali ini mengangkat tema tentang hal tersebut. Disajikan dalam Bahasa Sunda dan bisa dijadikan referensi oleh para khatib untuk menyampaikan khutbahnya kepada para jamaah.

Bagi yang memerlukan, silakan baca selengkapnya.

NGUNGKULAN WABAH PANYAKIT, NGABUTUHKEUN PAMINGPIN ANU TAQWA

KHUTBAH KAHIJI 

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا
مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ،
اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :

فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُونَ حَتَّى يُحَكِّمُوكَ فِيمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوا فِي أَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

"Demi Pangeran anjeun, sakali-kali maranéhna henteu ariman sahingga maranéhna ngajadikeun anjeun (Muhammad) salaku hakim (pamutus perkara) dina sagala masalah anu ku maranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasa sesek dina jero diri maranéhna, jeung maranéhna ogé sumerah diri kalawan sapinuhna, tina naon baé anu ku anjeun diputuskeun". (QS an-Nisa’ [4]: 65). 

Alhamdulillah, urang masih kénéh dipaparin kasempetan ku Alloh SWT ngalaksanakeun ibadah sholat Jum'ah, dina poé anu mulya ieu, nyaéta yaumul jum’ah.  Di tempat anu dimulyakeun ku Alloh, nyaéta masjid.  Sarta sasarengan sareng jalmi-jalmi anu insyaAlloh dimulyakeun ku Alloh SWT nyaéta jalmi-jalmi anu tarakwa.

Sholawat sinareng salam mudah-mudahan Alloh curahkeun ka junjungan alam Nabi Muhammad SAW, manusia anu paling mulya, anu méré conto anu hadé ka sakumna umat manusa kumaha carana ngajalankeun kahirupan di dunya sakumaha pituduh Alloh SWT, Zat Anu Nyiptakeun alam sareng saeusina.

Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh, di mana baé aranjeun aya sarta keur kumaha baé.  Ogé prak geura taat aranjeun kana paréntah Mantenna sarta geura jauhan sadaya cegahana-Na.  Ngan ukur ku katakwaan anu hakiki, hirup urang bakal karaksa tina sagala marabahaya sarta Alloh pasti bakal nulungan ka urang sadaya.

Hadirin jama'ah jum'ah rohimakumulloh, 

Di tengah kaayaan pandemi Corona saperti ayeuna, hayu urang terus deukeutkeun diri urang sadayana ka Alloh SWT sarta satékah polah ngalakukeun ikhtiyar supaya wabah ieu henteu keuna diri urang sadaya sarta kulawarga urang sadaya.  Saestuna, ikhtiyar pribadi urang mangrupakeun bagéan tina Sunnah Nabi SAW dina nyegah datangna panyakit.

Leuwih ti kitu, aya ikhtiyar anu leuwih gedé, anu kudu dilakukeun ku nagara. Hadirna nagara kacida pisan pentingna dina ngungkulan pandemi ieu.  Naha kunaon? Sabab méréskeun wabah Corona ieu, aya pakuat-kaitna jeung pangaturan urusan manusa.  Nyambung jeung kahirupan sosial anu merlukeun andil masyarakat loba.  

Hadirin jama'ah jum'ah rohimakumulloh, 

Hiji nyawa manusa anu bisa kasalametkeun kacida pisan gedé hargana dina ajaran Islam.  Nyawa manusa moal rék diantepkeun ngalayang kitu baé kusabab wabah panyakit.

Wabah Corona anu mahabu di nagri ieu nyadarkeun ka urang sadaya yén urang téh butuh pisan ku pamingpin nagara anu takwa ka Alloh anu nerapkeun Islam.  Anu salawasna merhatikeun urusan jeung kamaslahatan rahayat.  Anu sieun manéhna éngké dina Poé Kiyamah rahayatna nungtut, ngadakwa di hareupeun Alloh SWT tina kamaslahatan rahayatna anu dimomorekeun. Anu teu merhatikeun kaséhatan masyarakat demi kapentingan kakawasaan atawa harta.  

Pasualanana, naha aya pamingpin saperti kitu dina jaman ayeuna? 

Hadirin jama'ah jum'ah rohimakumulloh, 

Opat welas abad anu katukang, jungjungan urang Nabi SAW, tos méré conto hadé kumaha carana ngungkulan wabah saperti kieu.  Dawuhan Nabi SAW:

«إِذَا سَمِعْتُمْ بِالطَّاعُونِ بِأَرْضٍ فَلاَ تَدْخُلُوهَا، وَإِذَا وَقَعَ بِأَرْضٍ وَأَنْتُمْ بِهَا فَلاَ تَخْرُجُوا مِنْهَا«

Lamun anjeun ngadéngé wabah di hiji wilayah, mangka ulah anjeun asup ka eta wilayah.  Tapi lamun mahabu éta wabah di tempat anjeun cicing, mangka ulah anjeun ninggalkeun éta tempat”. (HR Bukhori).

Dina hadits anu sanesna, anu diriwayatkeun ti Aisyah rah, Nabi SAW ngadawuh: 

Tha’un téh mangrupakeun azab anu ku Alloh turunkeun ka saha baé anu ku Mantenna dikersakeun, sarta Alloh ngajadikeun rohmat pikeun jalma-jalma mu'min.  Mangka teu aya saurang hamba ogé anu éta tha’un tumiba ka manéhna, tuluy manéhna cicing di nagrina sarta sabar ngaharep ridho Alloh, manéhna yakin yén moal aya anu bakal tumiba salian ti naon anu tos ku Alloh dituliskeun keur manéhna, anging keur manéhna (saperti) ganjaran syahid”. (HR Bukhori)

Ieu pisan karantina anu munggaran anu dilakukeun ku hiji nagara di dunya. Miheulaan sakabéh nagara.  Jeung hal ieu téh lumangsung di nagara beradab anu pamingpinna nyaéta Nabiyalloh Muhammad SAW.  Alloh SWT ngawahyukeun ka Nabi Muhammad sarta anjeuna nerapkeun Islam supaya jadi conto anu hadé dina ngalarapkeun kawijakan ka rahayat. 

Hadirin jama'ah jum'ah rohimakumulloh, 

Dina kawijakan Islam, nagara kudu ngawatesan panyakit dina tempatna. Penduduk didaerah éta wabah, teu meunang kaluar tiwilayah kasebut.  Sarta penduduk ti luar wilayah teu meunang asup.  Ieu téh kawajiban syar’i nagara dina ngurus rahayat sarta ngalaksanakeun amanah. 

Teu ngan ukur kitu, nagara ogé kudu ngajamin palayanan kaséhatan mangrupa pangobatan sacara gratis pikeun sakabéh rahayat di wilayah wabah sumebar. Kaasup ngawangun rumah sakit jeung laboratorium pangobatan jeung anu séjénna.  Sarta, nagara wajib ngajamin cukupna kabutuhan dasar rahayat, kaasup dijerona kabutuhan pangan rahayat di wilayah éta wabah.

Sawatara kitu, jalma-jalma anu séhat di luar wilayah anu dikarantina tetep bisa gawé nyiar kifayah sahingga kahirupan sosial jeung ekonomi tetep bisa jalan. Hal ieu téh léngkah-léngkah anu shohih anu bakal dilakukeun ku nagara anu nanjeurkeun sistim Islam.

Hadirin jama'ah jum'ah rohimakumulloh,

Émutkeun kusadayana, wabah ieu téh henteu mung saukur keuna ka jalma-jalma anu dzolim wungkul, tapi ogé keuna ka jalma-jalma anu ariman.  Ieu téh fitnah wabah panyakit anu keur lumangsung kajadian dina wanci kiwari.  Mangka, umat ieu perlu silih tulungan, silih bantu paheuyeuk-heuyeuk leungeun di tengah kaayaan nagri anu dipingpin ku jalma-jalma anu ngan ukur mikirkeun sacara ékonomi sarta nganomer-duakeun kasalametan umat manusa.  

Pamungkas, mudah-mudahan Alloh saénggalna nyingkirkeun wabah korona ti nagri urang ieu.  Ngajadikeun nagri ieu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafur anu dipingpin ku pangawasa anu amanah, anu nyaah ka rahayat sarta nerapkeun syari'ah Islam sacara kaffah. Aamin. 

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِن الآيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

KHUTBAH II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.

عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Demikian teks khutbah yang bisa disajikan pada kesempatan ini, semoga bermanfaat untuk kita semua, menambah keimanan, dan semangat untuk menerapkan Islam dalam seluruh sendi kehidupan. Selengkapnya bisa dibaca di Referensi 
Deni Kurnia
Deni Kurnia Seorang Pembelajar, tak Lebih