Khutbah Jumat Basa Sunda: Miharep Pulisi Anu Ngajaga Kaamanan jeung Anu Nanjeurkeun Hukum Islam
MIHAREP PULISI ANU NGAJAGA KAAMANAN JEUNG ANU NANJEURKEUN HUKUM ISLAM
KHUTBAH KAHIJI
(QS al-Hujurot [49]: 12)
Alhamdulillah, ku sagala ni’mat sareng karunia-Na. Dina poéan anu mulya ieu, urang sadaya masih dikempelkeun di tempat anu mulya pikeun ngalaksanakeun kawajiban urang sadaya ibadah sholat juma’ah kalayan barjama’ah, sasarengan jalmi-jalmi anu InsyaAlloh dimulyakeun ku Mantena.
Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka suri tuladan urang Nabi Muhammad Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu istiqomah ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang satékah polah sakuat tanaga ngoméan diri ningkatkeun takwa urang sadaya ka Alloh subhanahu wata’ala kucara na’atan sadaya paréntah-Na sagancangna sareng ngajauhan sanéskanten cegahana-Na kalawan teu ditunda-tunda.
InsyaAlloh éta téh kahadéan. Éta téh takwa. Ingetkeun ngan ku takwa urang bakal nyangking darajat anu luhur di sagédéngeun Alloh subhanahu wata’ala.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Salah sahiji jaminan anu kudu aya dina Islam pikeun rahayat nyaéta jaminan kaamanan. Nepika salah sahiji tujuan agung syaré’at Islam téh nyaéta méré jaminan kaamanan, naha pikeun masyarakat atawa nagara.
Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nyebatkeun yén meunang rasa aman téh nyaéta kani’matan anu kacida gedéna ti Alloh subhanahu wa ta’ala. Sakumaha dawuhan mantena:
“Saha baé diantara aranjeun meunang rasa aman di imahna (dina dirina, kulawargana, jeung masyarakatna), dibéré awakna séhat, jeung ngabogaan dahareun dina poé éta di imahna, mangka saperti dunya geus ngumpul dina dirina”. (HR at-Tirmidzi)
Islam ogé méré ciri kaimanan anu sampurna. Diantarana nalika salahsaurang ngajaga dirina tina ngaganggu harta jalma séjén jeung ngocorkeun getih maranéhna. Ngadawuh Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
“Saurang Mu’min téh nyaéta jalma anu ngajadikeun jalma séjén ngarasa aman tina harta jeung jiwa maranéhna”. (HR Ibnu Majah)
Kumargi kitu aktivitas nyingsieunan, ngancam, ngaintimidasi, naha dilakukeun ku warga sipil komo deui ku aparat, nyaéta tindakan haram. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
“Teu halal pikeun saurang Muslim nyingsieunan Muslim anu lian”. (HR Abu Dawud)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,Pikeun hal éta pisan, dina Islam dijieun institusi kapulisian anu boga tugas ngawujudkeun rasa aman jeung supaya tartib dina kahirupan rahayat.
Dina khasanah Islam, pulisi disebut syurthoh. Tugasna nyaéta nyiptakeun katengtreman, lain ngahariwangkeun jeung nyababkeun warga jadi kasieunan.
Kapulisian geus dikenal ti baheula kénéh, ti mimiti zaman kapamingpinan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam di Nagara Islam di Madinah. Anas bin Malik rodhiyallohu ‘anhu nyaritakeun:
Dr. Namir bin Muhammad al-Hamidani dina kitab Wilaayah asy-Syurthoh fii al-Islaam ngajelaskeun, syurthoh (pulisi) dijieun ku kholifah atawa wali/gubernur tugasna pikeun ngajaga kaamanan jeung ngajaga aturan, nyerek anu ngalakukeun kajahatan jeung para pangacow, sarta tugas séjén saperti pagawéan administratif anu ngajamin kasalametan rahayat jeung katengtreman maranéhna.
Kapulisian téh nyaéta kakuatan utama pikeun ngajaga kaamanan di jero nagara tina sagala rupa ancaman jeung gangguan saperti maling, ngarampog, zina, murtad, vandalisme, jeung anu séjéna.
Pulisi ogé dibéré kawenangan ngagunakeun senjata pikeun nyanghareupan kaom anu ngabarontak (bughot) jeung separatis anu ngagangu kaamanan umum saperti ngancam harta warga, asét-asét umum jeung nagara (Abdul Qodim Zhalum, Nizôm al-Hukm fii al-Islaam, hlm. 147).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Dina aturan Islam, pulisi ngalaksanakeun tugasna saluyu jeung hukum syaré’at. Maranéhna haram nyilidik rahayat, ngalakukeun panyadapan, ngaretas ponsél, émail, nomer telepon, jeung anu séjéna sing sanajan kalawan alesan pikeun nyegah kajahatan. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Jauhan ku aranjeun ngalobakeun tina sangkaan. Saéstuna sabagéan sangkaan téh nyaéta dosa. Ulah aranjeun nyilidik jalma lian (tajassus)”. (QS al-Hujurot [49]: 12)
Pulisi ngan meunang nyilidik (tajassus) ka maranéhna anu disebut ahlur-riyab, nyaéta jalma-jalma anu terindikasi kuat bakal nyieun bahaya ka masyarakat, nagara, jeung warga.
Diantarana warga anu boga hubungan akrab jeung nagara kafir harbi fi’l[an] (de facto) atawa kafir harbi hukm[an] (de jure). Contona, warga anu akrab jeung nagara imperialis saperti Israél, Amérika Serikat, jeung sajabana.
Islam ogé ngaharamkeun pulisi nyieun rasa kasieun ka rahayat ku ngalakukeun tindakan samena-mena saperti asal néwak, neunggeulan warga, nembakkeun gas air mata, komo deui maéhan teu dibarengan alesan anu haq. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
“Aya dua golongan pangeusi naraka, anu can pernah ku kuring katempo, nyaéta hiji kaom anu nyekel pecut saperti buntut sapi. Maranéhna mecutan manusa ku éta pecut”. (HR Muslim).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ku tugas ieu, kapulisian dina Islam lain kasatuan alakadarna anu dirékrut ti golongan jalma-jalma anu awuntah jeung dilatih asal-asalan. Kapulisian dina Islam nyaéta kasatuan panghadéna sarta kamapuhanana pinunjul.
Teu cukup ngan séhat awakna jeung boga kaparigelan sacara fisik. Disyaratkeun ogé maranéhna nyaéta pribadi-pribadi anu mibanda jiwa anu takwa.
Ibnu Azroq nyebutkeun, “Wajib pikeun Imam/Kholifah pikeun milih pulisi ti réngréngan jalma-jalma anu tsiqoh (kapercaya) agamana, teges dina ngabéla bebeneran jeung huduud (hukum pidana Islam), salawasna waspada sarta teu gampang dibobodo”. Ku tilu sifat ieu mangka hukum syaré’at bakal bisa ditanjeurkeun.
Pasualanana, naha bakal aya pulisi anu saperti kitu lahir di nagara anu sékulér saperti ayeuna? Moal. Pulisi anu jiwana takwa ngan wungkul lahir dina sistem Islam. Anu sakabéh aturanana ngan didasaran kana syaré’at Islam. []
KHUTBAH II